>

Sastra Sunda: DURIAT NU MAWA BEURAT

  Sabtu, 01 Mei 2021   Ratih Ratnasari
Duriat nu Mawa Beurat. (ilustrasi Heindry Kurniawan)

CEUK kolot baréto, cinta mah nuturkeun.

Eum, enya kitu? Geuningan geus ngahiji gé, angger wé rasa éta téh euweuh, sanajan manéhna bro-broan, gerentes Sumi ngahening.

Naon atuh cinta téh? Naha mawa beurat? Cenah, bakal pegat mun geus aya nu haat. Henteu, ah! Angger rasa ieu keur nu puluhan taun ilang tan tapak.

Komo mun manéhna geus unggah adat, bororaah hayang ngolo, ijid nu aya, Sumi ngusap dada.

"Néng! Akang angkat! Masing rintih di bumi!" ceuk Soma bari nyium tarang Sumi.

Jig waé! Barina gé rék naon cicing di imah! Nu aya ngadon nganyerikeun haté, Sumi galécok dina haténa.

"Néng!" Soma neuteup ka Sumi nu cicing waé.

"Muhun!" pokna pondok.

"Kéla, Néng kunaon?" Soma nanya.

Hm, teu rumasa, nyah? Sakitu cikénéh écés, nyebutkeun bapa héman, gerentes Sumi bari mencrong. 

Jaman kiwari mah euweuh nu haratis, maké nyebutkeun kajejek ku hakan. Ngarti, néangan duit téh hésé. Matak naon sasadu, da moal ménta leuwih atuh, Sumi keuheul.

"Enya atuh, ari teu nanaon mah!" Soma ngajawab pananyana.

"Muhun!" waler Sumi.

"Akang angkat, nya!" pokna.

"Mangga!" Sumi meundeutkeun panto.

Gusti ...! Astagfirulloh, kunaon haté téh teu léah waé? Enya, karasa ayeuna mah! Kaduhung moal ti heula? Daék dikawin sotéh, pédah manéhna nyaah. Susuganan jadi panamba jalma nu tan raratan, duh geuning ngadon kasiksa. Manéhna téh geus jadi imam, tapi dasarna teu bogoh. Nya, sagala ucapna gé, teu panuju waé. Teuing ceuk manéhna mah, meureun biasa da buktina haré-haré wé, sanajan pipi geus baseuh gé, Sumi ngarumas.

Masih nongtoréng omonganana. "Akang téh capé, balik gawé! Balik ka imah téh hayang reureuh. Ieu ngadon sagala dibéjakeun, béas béak, bungbu béak, atur sorangan! 'Na teu cukup duit nu dibikeun unggal poé? Dikamanakeun atuh duitna?’" pokna bari ngembang cabé.

Gusti, mani hayang ngagorowok! Mun kitu sok jajan di luar, mun kitu sok balanja. Apan jang dahar sapopoé gé seuseut. Naha cukup duit tilu puluh rébo, keur nyumponan pangabutuh, bari jeung keur jajan budak? Ya Robb, jiga nu kupur ni'mat! Kudu kumaha deui? Pan sidik, mun manéhna nu balanja gé, teu kabeuli kabéh bungbu nu geus bararéak.

"Astagfirulloh! Hatur nuhun, Akang! Katampi sagala rupina, nanging widian heula saheulaanan, diriripuh. Duriat nu mawa beurat, nalian asih nu nogéncang. Sabar, mun seug geus waktuna! Hampura mun ditinggalkeun," geredeng Sumi bari murubut cipanon, awahing ku teu kuat nandangan omongan salakina nu matak pikanyerieun haté.

***

Beuki lila rasa kangéwa beuki nyaliara. Sumi ngaraga meneng, mikir keur pilampaheun ka hareupna.

"Kieu carana mah, kudu ojah deui! Keun baé manéhna teu panuju gé, bongan nitah cicing di imah, tapi pangabutuh teu kacumponan. Geus puguh alat kosmétik mah, teu kabeuli. Naha maké nyiksa manéh, ngagugu kana omongan nu teu bisa nyenangkeun!" gerendeng Sumi.

Ahirna Sumi ngalamar gawé. Nya ditarima di salah sahiji pausahaan bonapid.

Sagala pangabutuh katutupan, kahayang budak laksana, ngan haté tetep garung.

Gusti, naon deui kahayang téh? Dunya geus aya dina ranggeuman, ngan haté molongpong! Lain dunya wungkul harepan téh, naon deui atuh? 

Manéhna uleng mikir sabna.

Heueuh, sauyunan! Tah éta nu hamo bisa laksana. Apanan manéhna teu miroséa kana kaayaan rumah tangga. Bener kungsi jangji, manéhna bakal jadi imam nepi ka nyanghulu ngalér. Ngan ari kitu peta, naha bisa mertahankeun rumah tangga nu geus pakusut kieu, Sumi ngahening.

Dina hiji mangsa, maranéhna dahar ngariung dina wanci sareureuh budak.

"Alhamdulillah, barokah!" omong Soma.

"Muhun, Apa! Mani raos neda téh, komo ngariung mah!" témbal budak.

Sumi ngabetem, teu hayang ngomong.

Heueuh ngeunah atuh! Dahar kari am, baju kari maké, teu hayang mantuan gawé di imah. Éstu nyaho sagala rérés. Gusti, capé sorangan, Sumi norowéco dina haténa.

"Apa, Rian aya péér! Ngerjakeunana hoyong sareng Apa!" ceuk budak.

"Apa mah capé! Sareng Mamah wé, nya!" pokna bari gégéléhéan.

Sumi neuteup ka Soma, asa teungteuingeun kana paménta budak, padahal manéhna gé sarua karék balik gawé, tuluy tatahar nyiapkeun dahar. Eum, kacida.

"Rian mah sareng Mamah wé! Yu, cuang kerjakeun péérna ayeuna! Énjing mah bilih kabujeng Mamah damel!" ceuk Sumi ngolo.

"Apa mah! Pira gé kitu!" omong Rian bari nyampeurkeun ka Sumi nu geus nungguan.

Sajeroning ngawurukan budakna, haté Sumi galécok.

Ka budakna gé geus kitu peta, komo ka urang? Tungguan hiji mangsa ditinggalkeun! Kaduhung mah moal ti heula.

***

Dasar kudu kitu meureunan, taktagé tong saomong-omongna. 

Hiji waktu, Sumi dipindahkeun pancénna. Manéhna asa mobok manggih gorowong. 

Sumi tatahar, sagala urusan budak geus rérés. Manéhna pindah tan bébéja ka Soma.

Soma nénéangan Sumi jeung budakna, dina mangsa balik gawé.

Sakabéh jalma nu wanoh ditanya, ngan euweuh saurang gé nu nyaho ka mana Sumi indit.

Balas ku capé nénéangan anak jeung pamajikanana, Soma nepi kasaréan di imahna nu kari manéhna wungkul.

"Mamah ..., Rian! Geura uih, Apa keueung sorangan. Apa jangji, moal tambélar deui. Apa gawé téh, pan sangkan bisa nyukupan pangabutuh. Heueuh, da geus sakitu milik Apa. Wayahna tarimakeun saheulaanan, sugan jaga diparengkeun aya milik saréréa!" gundamna.

"Astagfirulloh! Deuh, asa nyaan! Enya kitu pédah teu hayang nyaho urusan di imah, nepi ka Sumi indit téh? Duh, mun nyaan téh, kacida Sumi teu méré harepan pikeun babalik pikir," gerendeng Soma, sadar kana laku-lampahna.

***

Sumi jeung Rian nu aya di daérah pasisian, singhoréng teu tingtrim. Ngarasa aya nu kurang.

"Mah, Rian sono ka Apa! Naha Apa teu ngiring ka dieu?" pokna.

"Apa mah nuju pancén, teu tiasa diwagel komo deui ngiring ka dieu. Pan damelna di ditu, bénten sareng Mamah nu ngalih pancénna!" omong Sumi mapalérkeun budakna.

Lain, lain nyingkahan. Jalan nuntaskeun hiji perkara mah! Kudu kumaha deui? Mangkaning geus néken kontrak dua tauneun, cacak karék sataun geus karasa marojéngjana, lamunan Sumi bari ngusapan sirah budakna.

Singget carita, Sumi jeung Rian balik deui, satutas dua taun di pasisian.

Maranéhna balik ka imah nu baheula. 

Teu hésé asup, sab séwang-séwangan nyekelan sosina.

Cetrék, panto imah dibuka.

Sumi ngembang kadu, nempo kaayan imah anu lir gudang. Ramat lancah di mamana, baju patulayah, paburantak sakabéhna. 

Teu loba ngomong, najan capé gé manéhna langsung bébérés.

Teu karasa nyérélékna waktu, geus manjing sareupna.

Soma balik digawé, manéhna héran nempo panto régol imahna muka. Sup, manéhna ka jero imah. Sagala rasa pacampur, atoh, sedih jeung handeueul nyaliara, basa nempo Sumi keur tatahar dina méja makan, nu kabeneran nonggongan manéhna.

"Mamah ...!" pokna bari muru ka Sumi.

Sumi malik, mangsa aya nu nyalukan.

"Apa ...!" témbalna.

Gabrug, dua jirim nu geus lila papisah, paungku-ungku.

"Mamah, tong angkat deui! Apa jangji rék ngarobah sagala kalakuan nu salila ieu, hampura!" Soma tamada.

"Hampura Mamah ogé! Angkat ti Apa téh lain jalan kaluar pikeun masalah rumah tangga urang!" témbal Sumi, males tangkeupan Soma.

"Hampura Apa haré-haré, euweuh niat tambélar! Seja hayang nyenangkeun ku pokus kana ihtiar!" Soma sasadu.

"Tos, Pa! Cuang ngawitan ngambah sagara rumah tangga deui, duriat nu mawa beurat!" ceuk Sumi.

Tungtungna Sumi jeung Soma, silih pihapékeun manéh, silih hampura, jeung silih ngarti. Hirup jadi ayem tingtrim ku jalan musawarah, lain pabetem-betem tur hayang papada meunang sorangan, nepi ka tug maranéhna dipundut ku Mantenna.

 

Bandung, 22 April 2021

 

Ratih Ratnasari, guru TK  nu resep kana serat-sinerat. Dumuk di Cicadas, Bandung.

  Tag Terkait

   Ayo Bagikan!
Ayo Respon
   Komentar

Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab pribadi seperti diatur dalam UU ITE

Komentar